Daftar Lagu

1. Lagu Daerah Jawa Barat - Bajing Luncat (Cipt. Kosaman Djaya)


Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh

Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna

Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana ieuh

Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna

Ku teu sangka salira bet
luas pisan

Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos

Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati
duh pakait ati ...

2. Lagu Daerah Jawa Barat - Bubuy bulan (Cipt. Benny Korda)

Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate

Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade

Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina

Duh eta saha
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana


3. Lagu Daerah Jawa Barat - Cing Cangkeling  (Cipt NN)


Dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapak satar buleneng

Kleung dengdek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati di heureuyan

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng

  4. Lagu Daerah Jawa Barat - Es Lilin (Cipt : NN)

Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan

Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan


5. Lagu Daerah Jawa Barat -Manuk Dadali (Cipt. Sambas Mangundikarta)


Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Tandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Refrain :
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur 

6. Lagu Daerah Jawa Barat - Neng Geulis (Cipt. Iar Winarsih)


Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan

Neng geulis pujaan eungkang 
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan

eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung

Neng geulis pujaan eungkang 
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan Bangsa di Nagara Indonesia

7. Lagu Daerah Jawa Barat - Panon Hideung (Cipt Ismail Marzuki)

Panon hideung pipi koneng
Irung mancung Putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abbi reseup kaanjeunna
Siang wengi kaimpi-impi
Hate abdi sara redih
Teuemut dahar
Teuemut nginum
Emut kanu geulis
Panon Hideung


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Upacara Sepitan/Sunatan

Rumah Adat

Upacara Adat Pesta Laut